Néang Rasa

Admin JSN
01 Maret 2022 | 06.49 WIB Last Updated 2022-04-08T02:51:16Z
EVENT I JATIMSATUNEWS.COM: Néang Rasa
Kahatur Ka Nu Teu Kaukur!
Teu kaukur dina limpadna kanyaah Akang nu saéstuna; Néng Ica, lantéra haté ninggang wanci anu ampir sareupna.

Lain hayang ngagurat haté nu geus panceg antara urang duaan, ngan Akang hayang Anjeun apal kalayan teu kudu aya lian létah keur nyukangan.
Néng Ica, kadeudeuh Akang, mun basa kudu diucap saéstuna, mun lampah kudu dilaku saujratna, kur mangsa nu mapah Akang sangkan wani mapag Anjeun ka palaminan.

Lila urang babareungan, saujung kuku ogé teu kapikiran; Anjeun nu kudu Akang sorang keur ngabaturan.
Ninggang waktu urang jajauhan, geuning anggang nu malah narik sangka jadi rasa pikeun diteang naon bukti nu sabenerna.

Akhirna, nitih wanci nu mustari, nincak mangsa nu sampurna, bagja urang teu kurang saasor teu leungit sakiceup oge; kur Anjeun, hiji rupa nu minuhan legana rasa.

Deudeuh Geulis kameumeut haté, nyérélék sadasa warsa siga kamari nu can lila liwatna. Najan enya, teu tuluy amis salawasna, bagja Akang mungguh anjeun jalaranna.

Neng Ica kanyaah Akang... dina danget ieu, danget nu dipikaharep geus mancegkeun hate urang duaan, mugi Gusti nuntun kanyaah papada urang langgeng nepi baqa Nu Dijanjikeun ka sararéa.

Salam,
Panancep Nyaah Nu Lain Saukur Pernah

***
Menjemput Rasa
Teruntuk yang Tak Terukur!
Tak terukur dalam luapan sayang yang seutuhnya; Neng Ica, lentera hati di masa yang hampir masuk titik nadirnya.
Bukan hendak menggores keteguhan hati di antara kita berdua, Aku hanya ingin Engkau tahu tanpa perlu ada lidah orang lain yang menyampaikannya.

Neng Ica, sayangku, jika kata harus diucapkan sejujurnya, jika tingkah harus dilakukan sebagaimana mestinya, hanya waktu yang menuntunku untuk menjemputmu ke pelaminan.

Lama kita saling mengenal, tak sedikit pun terpikir jika dirimulah yang harus Aku pilih sebagai seorang pendamping.
Tiba saatnya kita saling terpisah, ternyata jarak yang menumbuhkan sangka menjadi rasa yang mesti dicari makna apa yang ada di baliknya.

Sampai akhirnya waktu yang tepat itu tiba, kebahagiaan kita tak kurang satu apapun; hanya Engkau satu hal yang memenuhi luasnya rasa yang aku miliki.
Duhai Cantik tambatan hati, berlalu satu dasa warsa terasa seolah baru kemarin saja.

 Meski iya, tak selalu masa itu manis kita lalui, nyatanya, bahagiaku hanya engkau yang menjadi sebabnya.
Neng Ica, sayangku… di detik ini, detik yang diharapkan telah meneguhkan hati kita berdua, do’aku semoga Tuhan menuntun kasih sayang di antara kita langgeng sampai abadi Yang Dia Janjikan kepada semua manusia.

Salam,
Pemanah Sayang Tanpa Predikat Pernah
Komentar
komentar yang tampil sepenuhnya tanggung jawab komentator seperti yang diatur UU ITE
  • Néang Rasa

Trending Now